B. Daerah

Pertanyaan

Buatlah 10 contoh kalimat panganteur bahasa sunda

1 Jawaban

  • Sapuluh conto kalimah panganteur bahasa Sunda

    Jawaban

    Pendahuluan

    Ditilik tina fungsina, aya tilu rupa kalimah nyaeta kalimah wawaran, kalimah pananya jeung kalimah parentah. Dina kalimah parentah aya sawatara rupa kalimah nyaeta saperti kalimah pangajak, kalimah panitah, kalimah panyaram, kalimah pangharepan, kalimah pangjurung jeung kalimah panggeuri.

    Sabanerna mah kalimah panganteur teh teu aya dina kalimah parentah. Tapi, umpama ditilik-tilik, kalimah panganteur teh rada siga sarua jeung kalimah pangajak atawa pangjurung. Jadi, kalimah panganteur umpama ditilik tina maksud atawa tujuanana bisa kaasup kana kalimah parentah.  

    Pembahasan

    Conto kalimah panganteur dina basa Sunda :

    1. Lamun maneh sieun mah hayu ku kuring dibaturan ka cai teh

    2. Ceunah maneh hayang ka pasar tapi euweuh batur, hayu atuh ku kuring dianteur

    3. Bu, mangga ku abdi dianteur bilih bade angkat ka dokter ayeuna mah

    4. Kumargi tos wengi bilih angkot na tos teu aya, mangga abdi tiasa nganteur ka stasiun mah

    5. Pa, angkat ka Bandung teh upami enjing mah abdi tiasa nganteur

    6. Bilih cape mapah mah mangga atuh ku abdi dianteurkeun nganggo mobil

    7. Bisi sieun nyanghareupan pa lurah mah, hayu jeung kuring ka kalurahan teh  

    8. Naha make sieun rek panggih jeung calon mitoha teh, hayu lah ku kuring dianteur

    9. Lamun ayeuna mah kuring bisa nganteur anjeun ka sakola

    10. Hayu lah ku kuring dianteur ka kantor kacamatan teh

    Kesimpulan

    Ditilik tina fungsina, dina basa Sunda aya tilu rupa fungsi kalimah nyaeta kalimah wawaran, kalimah pananya, jeung kalimah parentah. Tapi, dina basa Indonesia mah paling saeutik aya opat fungsi kalimah nyaeta kalimat berita, kalimat tanya, kalimat perintah jeung kalimat seruan. Jadi, umpama kalimah panganteur diasupkeun kana kalimah parentah teh henteu jadi masalah atawa alesanana kuat.  

    Pelajari lebih lanjut

    1. Kalimah pamenta https://brainly.co.id/tugas/1507879

    2. Kalimah pangajak https://brainly.co.id/tugas/15014710

    3. Kalimah pangjurung https://brainly.co.id/tugas/2231738

    Meta Data Jawaban

    Kategori Soal : Bahasa Sunda

    Kelas : - (SMA)

    Kata Kunci : Kalimah panganteur, kalimah parentah, kalimah pangajak, kalimah pangjurung

Pertanyaan Lainnya