Bahasa lain

Pertanyaan

1. Saha sunan gunung jati?
2. Ngadon naon ayana di nagri cina?
3. Naon katiasana?
4. Naon maksudna maharaja cina nyaur sunan gunung jati?
5. Kunaon sababna sunan gunung jati di usir ti nagri cina?
6. Sabada ngantunkeun nagri cina, kumaha kaayaanana di karaton teh?
7. Naon alesanna anyontin ku ramana di buang ka laut?
8. Naon anu matak jadi kaget sunan gunung jati waktos di basisir?
9. Di piwarang naon putri anyotin ku sunan gunung jati teh?
10. Cik nurutkeun hidep, dongeng nu di baca bieu teh enya enya kajadianana atawa ngan hasil rekaan wungkul? Bere alesanna!

1 Jawaban

  • Jawaban:

    1. Sunan Gunung Jati nyaeta Waliullah anu nyebarkeun agama Islam

    2. Sunan Gunung Jati ngadon nyebarkeun agama Islam ka nagri Cina, malah dugi ka muka pasantren pikeun ngawulang agama Islam.

    3. Sunan Gunung Jati teh kaceluk tiasa nujum cariosanana saucap nyata saciduh metu.

    4. Maksud maharaja Cina nyaur Sunan Gunung Jati teh nyaeta rek ngusir Sunan Gunung Jati make jalan lemes, lantaran maharaja Cina teh terangeun katiasana Sunan Gunung Jati, malahan mah sieun kaelehkeun pangaruh ku Sunan Gunung Jati.

    5. Sunan Gunung Jati diusir ti nagri Cina lantaran dianggap tukang nipu rayat ku Maharaja Cina.

    6. Kaayaan di karaton sabada Sunan Gunung Jati ngantunkeun nagri Cina nyaeta Maharaja Cina heran jeung kaget pisan lantaran Putri Anyontin teh reuneuh nyaan, padahal can boga salaki komo deui nikah. Putri Anyontin oge ceurik lolongseran sedih.

    7. Alesan Anyontin di buang ka laut ku ramana nyaeta kulantaran nurutkeun adat Cina harita, kacida gorengna jeung hinana lamun aya parawan reuneuh samemeh kawin, komo ieu ninggang putri raja pisan, jadi bakal guyur sanagara. Meh kulawarga raja teu wirang ahirna Putri Anyontin teh dibuang ka laut.

    8. Nu matak kaget Sunan Gunung Jati waktos di basisir nyaeta lantaran ningali nu numpak parahu teh nyaeta Putri Anyontin putra Maharaja Cina tea, jaba katingal Putri teh keur reuneuh.

    9. Putri Anyontin di piwarang maca sahadat pikeun asup Islam ku Sunan Gunung Jati.

    10. Nurutkeun simkuring, dongeng nu di baca bieu teh ngan hasil rekaan wungkul lantaran sababaraha jalan carita loba nu pamolahan, saperti Putri Anyontin nu ujug-ujug reuneuh, Putri Anyontin ujug-ujug aya di basisir laut Cirebon, padahal dibuang na teh di Cina atawa Putri Anyontin anu teu reuneuh deui saenggeus asup Islam.

    Penjelasan:

    Dongeng mangrupakeun golongan carita anu pondok. Tapi aya nu ngabedakeun dongeng jeung carita nu sejen, nyaeta dina dongeng sok aya jalan carita nu pamohalan (teu asup akal). Misalna sasatoan nu bisa ngomong.

    Dongeng bisa dibagi kana lima bagian, lamun ditingali tina eusna.

    1. Fabel, nyaeta dongeng anu nyaritakeun sasatoan. Contona sakadang peucang jeung sakadang buhaya, sasakala uncal tandukan, jeung loba deui conto nu sejenna.

    2. Parabel, nyaeta dongeng anu nyaritakeun kahirupan jalma biasa. Contona dongeng Si Kabayan.

    3. Legenda, nyaeta dongeng anu nyaritakeun asal-usul kajadian tempat, barang, sasatoan, atawa tutuwuhan. Contona dongeng Sasakala Tangkuban Parahu, Sasakala Situ Bangendit, Sasakala Talaga Warna, jeung loba deui.

    4. Mite, nyaeta dongeng anu nyaritakeun mahluk ciciptaan bangsaning juring jeung siluman.

    5. Sage, nyaeta dongeng anu nyaritakeun jelema atawa kajadian nu ngandung unsur sajarah, osok oge disebut dongeng babad. Contona, dongeng Sunan Gunung Jati, Prabu Siliwangi, jeung sajabana.

    Pelajari lebih lanjut:

    Pelajari lebih lanjut tentang dongeng sunda pada https://brainly.co.id/tugas/9760216 dan https://brainly.co.id/tugas/4747073

    #BelajarBersamaBrainly

Pertanyaan Lainnya