B. Daerah

Pertanyaan

Abdi tuang,kaasup kana kalimah

1 Jawaban

  • Kategori Soal : Bahasa Sunda - Hormat Ka Kolot Jeung Ngajen Sasama
    Kelas : III (3 SD)
    Pembahasan :

    "Abdi tuang" kaasup kana kalimah basa Sunda anu kurang merenah umpama ditilik tina ragam basa nu digunakeun. Kalimah anu leuwih merenah tina eta kalimah nyaeta "Abdi neda" atawa "Abdi nuju neda". Kalimah "Abdi nuju neda" bisa disebut kalimah wawaran, sabab eta kalimah henteu merlukeun jawaban atawa tindakan ti anu maca eta kalimah.

    Dina basa Sunda aya dua ragam basa, nyaeta nu disebut ragam basa hormat atawa lemes jeung ragam basa loma atawa kasar. Dina ragam basa hormat atawa lemes aya dua rupa basa lemes, nyaeta basa lemes keur sorangan jeung basa lemes keur ka batur saluhureun atawa nu dipikahormat.

    Kalimah "Abdi nuju neda" mangrupa kalimah lemes keur sorangan. Sedengkeun "Pa guru nuju tuang" mangrupa kalimah lemes keur ka batur saluhureun atawa nu dipikahormat.

Pertanyaan Lainnya